KETENTUAN JIMA - KITAB QURROTUL UYUN - USTADZ SAEPUL ULUM - 15 ROMADON

  • Make perkara anu niiskeun kana rahim etateh haram. Sabab ngaruksak. Contona ngadahar kadaharan anu bisa ngagugurkeun. Sabab 40 poe kahiji teh nggeus jadi cai mani, 40 poe kadua nggeus jadi darah kimpel, 40 poe katilu nggeus jadi daging. Dina 40 poe katilu eta, pas 4 bulan. Nyaeta ditiupna roh.
  • Hukumna ngagugurkeun samemeh 4 bulan eta mamnu' (bisa haram, bisa makruh). Lamun ngagugurkeun leuwih ti 4 bulanmah sarua jeung ngabunuh awak-awakan.
  • Make perkara anu ngaruksak kana cai mani teh haram
    Tempat-tempat anu teu meunang dipake ngalaksanakeun jima:
  1. Ulah diluhur loteng
  2. Ulah handapeun tangkal nu sok buahan
  3. Ulah di lapangan atawa tempat terbuka
  4. Ulah nyangharepan atawa nukangan kiblat lamun di tempat terbuka mah. Mun di jero imahmah bae wae. (ceuk dina kitab muhtasor)
  5. Ulah nyanghareupan matahari atawa bulan dina tempat terbukamah. Tapi mun dihalanganmah aya 2 kaol. Aya nu ngabaekeun, aya nu ulaheun. Ulaheunteh sabab bulan jeung matahari bakal ngalaknat.
    Ketentuan kana nyabak atawa ningalina kana dzakar:
  1. Ulah nyekel dzakar ku leungeun katuhu. Hukumna makruh. Sabab diriwayatkeun ti Aisyah R.A: Ari katuhuna Rosul eta pikeun tawis-tawiseun sareng tuangna. Sedengkeun kencana pikeun urusan WCna. Da nu katuhu mah pikeun ngabersihkeun jeung ngamulyakeun
  2. Ngamakruhkeun nyabak parji istri ka lalaki mun teu make tilam
  3. Makruh oge ningalina bobogaan lalaki ka awewe atawa sabalikna. Bisi nyeri panon jeung matak ngaleungitkeun kana kaera. Jeung mun ningali perkara anu dimakruhkeunteh sok nyumponan kana ambek
  4. Lamun adus, alusna bareng. Tapi ku leungeun masing masing
  5. Ari ningali awewe jeung lalaki kana auratna masing-masing eta hukumna jaiz. Teu meunang teh mun ceuk etika
  6. Makruh jima bari ngobrol. Sabab budakna sok pego
    Katentuan kana rek ngalaksanakeun atawa keur jima:
  1. Jauhan jima keur keuheul
  2. Makruh istri ngadatangan salakina bari keur teu alus (teu make seuseungitan)
  3. Makruh salaki jeung pamajikan ngusap parji jeung dzakarna ku hiji elap. Sabab bisa nimbulkeun kana kakeheul
  4. Ulah sok nyium kana panon. Bisa ngawaris kana pipisahan
  5. Ari ngawati make syahwat ka anu lain eta haram. Saperti lamun nginum cai herang tapi nu dibayangkeunna arak, maka eta cai jadi haram
  6. Ulah jima saba'da ngimpikeun awewe atawa hal goreng nu sejen. Sabab bisa ngawaris kana gelo ka anu jadi budak. Sabab cai mani eta tapak ngulinkeun setan
  7. Ulah jima saeenggeus ningali awewe sejen

0 komentar:

Posting Komentar