ANCAMAN UNTUK ISTRI DAN KETENTUAN MENIKAH - KITAB QURROTUL UYUN - USTADZ SAEPUL ULUM


  • Lamun istri calik paduduaan jeung lalaki lain mahramna, maka eta istri bakal dicicingkeun di sisi jahannam heg sagala ucapanna dijadikeun sarebu kagorengan
  • Saha istri anu sibuk milaraan salakina nepi ka ditalak, maka eta istri bakal meunang siksa Alloh
  • Saur Baedah bin Jarroh: Lamun istri ambek ka salaki bari salah manehna, moal ditarima eta amal ibadah si istri
  • Saha istri nu camerut hareupeun salakina, maka dina poe kiamah bakal datang dina kaayaan beungeutna hideung
  • Saur Abdulloh bin Mas'ud: Alloh bakal ngalaknat ka istri anu sok ngaengke-engke ka salakina
  • Lamun istri ningali salaki bari teu seuri seuri acan, moal ningali surga salawasna
  • Saur Bilal bin Hamamah: Mun istri solat jeung puasa sunnat bari teu aya izin salaki, maka hasil ganjaranna jang salaki.
Ciri karidoan Alloh ka istri:
    - Lamun salaki rido, berarti Alloh rido
    - Lamun salaki ambeuk, berarti Alloh "ambeuk".

Anu kedah diperhitungkeun mun bade nikah ku istri. Naha kedah diperhitungkeun? Sabab saur Rosul, nikahteh kalembutan.
1. Kudu sabanding
    - Agama
    - Nasab
    - Harta
    - Rupa
    - Pagawean
    - Kehormatan
2. Niat nikah
    - Sunnah Rosul
    - Ngalobakeun ummat Rosul
    - Ngadegkeun kana alusna ngajaga ka istri
    - Ngajaga agama
    - Ngarep hayang boga budak nu soleh nu ngadu'akeun indung bapakna

Anu kudu diperhitungkeun ku pameget mun bade nikah:
1. Ka istri nu kosong tina cegahan ditikah. Contohna mahram:
    - Mahram nasab -> Turunan
    - Mahram rodo' -> Sasusu
    - Mahram Musoharoh -> Mitoha
2. Kosong ti salaki
3. Kudu ka istri nu apal kana syahadat dua (paham elmu agama)
4. Ulah anu mandul
5. Ulah ka nini nini
6. Kudu ka parawan saenamah
7. Ulah ka dulur

0 komentar:

Posting Komentar