ADAB NIKAH KANGGE ISTRI SARENG SUAMI - KITAB QURROTUL UYUN - USTADZ SAEPUL ULUM

Salaki ka anu janten istri kedah:
  1. Ngawuruk
  2. Mun teu bisa ngawuruk atawa mapatahan, lalaki kudu nitah ka batur. Lamun teu pernah ngalakukeun dua hal eta, maka mun istri dosa, salaki ge bakal kabawa dosa.
  • Dina bab nikah, dina kitab ihya ulumuddin diterangkeun: pang heulana nu cumantel kahiji lalaki dina poe kiamah nyaeta pamajikan jeung anakna
  • Malahan diterangkeun pang gedena dosa hiji jalma nyaeta lamun keluargana bodo kana masalah agama
  • Jalma nu tara nitah anak jeung pamajikan nu tara solat, engke di poe kiamah dikumpulkeun jeung jalma nu tara solat sanajan manehna sok solat
  • Du'a hiji imam (mun teu lepat) dina nalika istrina ngandung sabari ngusa-ngusap patuangan istrina: "Gusti, mun anak sareng istri abdi pimaslahateun, sing dipanjangkeun yuswana. Mun teu pimaslahateun maotan ayeuna." Eta saking ku sieun-sieunna ngalakonan tanggung jawab nu janten salaki
  • Wajib ka lalaki mapatahan kana hak-hak istrina
Adab-adaban nikah kangge istri:
  1. Kudu calik di tengah bumi
  2. Kudu nyicingan kana padamelanna. Pang saena padamelan istri nyaeta ninun -Saur Rosul-
  3. Ulah loba ngobrol jeung tatangga
  4. Ulah loba asup ka imah tatangga kecuali kana hal nu penting
  5. Kudu loba pangabisa
  6. Ulah remen kaluar ti imah lamun euweuh izin ti salaki. Lamun aya izin kudu ngalakonan kana adab-adaban kaluar imah. Diantarana nyaeta:
          - Susurumputan
          - Kudu make tingkah nu goreng (papakean nu goreng)
          - Ulah sampai sorana kadangu ku batur
          - Mun bisamah ulah sina aya nu kenaleun
          - Mun aya nu wawuh oge kudu api-api teu wawuh sok sanajan babaturan salaki
          - Kudu ingkar ka jalma nu boga sasangkaan wawuh ka urang
          - Mun leumpang kudu nyisi jalanna
          - Kudu tungtung beurang mun ek kaluar
          - Kudu ngalonjorkeun kana pakeanna
          - Ulah make parfum
          - Ulah ngabuka orat
    7.   Kudu qona'at ti salakina
    8.   Kudu bisa ngaheulakeun hak salaki dibanding hak manehna
    9.   Kudu bersih
   10.  Istri kudu selalu siap
   11.  Istri kudu aya rasa nyaah ka anak-anakna
   12.  Istri kudu menjaga rahasia
   13.  Istri kudu pondok lisan tina nyarekan budak.

Adab-adaban nikah kangge salaki/hak salaki:
  1. Sing sae akhlaq ka pamajikan
  2. Sing sabar kana pilara pamajikan
  3. Sing bijaksana mun pamajikan ambeuk
  4. Mun heureuy ulah kasar
  5. Kudu gede timburu ka pamajikan
  6. Kudu loba nyegah kaluar imah ka pamajikan. Mun miwarang ge kudu ngawuruk kana adab-adaban kaluar ti imah pikeun istri
  7. Kudu ngahijab ti dulur salakina
  8. Kudu ngawuruk taohid
  9. Kudu ngawuruk bab haid jeung nifas
  10. Kudu bersikap adil mun boga istri leuwih ti hiji
  11. Kudu ngadidik jeung mapatahan pamajikan
  12. Kudu nenggeul ka pamajikan mun ngalawan kana parentahna. Tapi mun nenggeul ge aya ketentuannana
  13. Kudu alus hate atawa ikhlas nganafkahan istri. Sabab lamun salaki neangan nafkah sabari neangan karidoan ti Alloh, maka ku Alloh diganjar. Lamun istrina tuang bakal diganjar tiap-tiap huapna.
  14. Mun istri leuwih ti hiji kudu adil dina nafkahna, cintana, jeung madepna.
Catatan: Adab-adaban lamun istri leuwih ti hiji: Hate condong ka anu ngora, tapi loba beberean mah kudu ka anu kolot (contohna)

0 komentar:

Posting Komentar