KH. ASMAUL HUSNA - 16 ROMADON

Dawuhan Rosul:
Pang afdolna amalan teh solat, pang alusna amalanteh solat. Sabab dina solat teh aya:

  1. Sujud. Pang deukeutna jalma ka Alloh teh keur sujud. Sabab begitu jalma solat, dosana ditunda dina luhur taktak jeung sirahna. Pas ruku jeung sujud dipuragkeun.
  2. Maca qur'an. Saharaf dina solat meunang sarebu kahadean. Lamun diluar solat heg boga wudhu, saharafna jadi lima puluh kahadean. Lamun diluar solat teu boga wudhu, saharafna jadi dua puluh lima kahadean.
Bedana beunghar jeung rizki:
- Rizkimah saban-saban anu katuang atawa kapake ku urang
- Beungharmah leuwihna ti Alloh, milik ti Alloh

Solat menta rizki:
Aya 2 roka'at
1. Fatihah, terus maca Al-Kautsar 3x, terus Al-Ikhlas 3x
2. Fatihah, terus maca Al-Falaq 3x, terus An-Nas 3x

Catatan:
  • Jalma nu khatam qur'an kurang ti tilu poe eta teu kaasup alus ari jang golongan bangsa urangmah.
  • Jalma anu ngamalkeun qur'an dicatet amalna saperti maca qur'an.

0 komentar:

Posting Komentar