ADUS - USTADZ SAEPUL ULUM - 5 ROMADON

  • Adus menurut lugot -> guslu -> Sayaalaamul maai 'ala syaiin -> Ngucurna cai kana hiji perkara. Lamu goslu mah hartina ngumbah.
  • Adus menurut istilah -> Sayaalaamul maa'i 'ala jami'il badani bi niyyati mahsusotin -> ngucurna cai kana sakabeh badan kalawan make niat anu nggeus ditangtukeun.
Menurut hukumna, adus aya 2:

1. Adus fardu. Anu ngawajibkeun kana adus fardu:
    Kangge istri sareng pameget:
    - Lebetna hasapah kana parji
    - Kaluarna cai mani
    - Maot.
    Kangge istri:
   - Haid
   - Nifas
   - Ngalahirkeun.

2. Adus anu sunnat
  • Adus jum'at saba'da bijil fajar
  • Adus lebaran dua. Dina satengahna peuting tos lebet waktos.
  • Bade solat istisqo
  • Bade solat khusuf jeung kusuf
  • Adus lantaran beres ngadusan mayit. Lamun anu mawa mayitmah sunnat wudu.
  • Adusna jalma kafir di mana-mana asup islam. Lamun aya nu ngawajibkeun kana adus etamah wajib hukumna.
  • Adusna jalma anu sakalor di mana-mana cageur. Lamun aya nu ngawajibkeun kana adus etamah wajib hukumna.
  • Nu bade ihrom
  • Bade lebet ka Mekkah
  • Bade wukuf di Arofah
  • Bade ka Madinah
  • Saatos ngerok bulu kempung
  • Saban peuting bulan Romadon
  • Karena berobahna ambeu badan
  • Bade mabit di Muzdalifah
  • Pikeun ngalaksanakeun tawaf
  • Saatos ngerok kumis
  • Nepina umur baleg 15 tahun
  • Bade kempelan kempelan
  • Mun lebet masjid

0 komentar:

Posting Komentar