PASUNNATAN - KITAB MINHAJUL QOYYUM - USTADZ IWAN RIDWAN - 4 ROMADON

1. Pami disipat, alusna ganjil. Tilu dina katuhu, tilu dina kenca. Makena di katuhu heula.
2. Sunnat hukumna nyukur kumis
3. Nyiwak atawa nyusur
4. Di minyak seungit
5. Ngeureutan kuku.
    - Lamun tangan, kudu nu katuhu heula. Tina curuk mapay, terus jempol.
    - Lamun kaki, tina cinggir heula. Kudu nu katuhu heula.
6. Nyabutan bulu kelek. Lamun peureus bisa dicukur.
7. Bulu kempung teh sunnat dikerok kangge pamegetmah. Pami istri dicabut.
8. Pami janggotna panjang, sunnat disisiran.
9. Pami aya huisan sunnat diwarnaan ku warna beureum atawa koneng. Haram ku hideung.
10. Istri anu tos nikah sunnat kedah dipacar
11. Makruh nyukur sirah sawareh
12. Makruh nyabutan huis
13. Makruh nyabutan janggot
14. Makruh disendal sabeulah
15. Makruh make sapatu bari nangtung
16. Makruh make calana bari nangtung.

0 komentar:

Posting Komentar