MASALAH NGADIDIK ATAWA NGURUS BUDAK - KITAB QURROTUL UYUN - USTADZ SAEPUL ULUM

Ari ngurus budak eta perlu jang indung bapak pikeun ngadeukeutkeun kolot ka budak ti mimiti lahir. Sabab al ummu madrosatul awwal -> madrasah pertama adalah ibu. Naon nu kudu dididik ku kolot ka budakna? 

1. Kudu ngawuruk kana rasa isin jeung qona'ah
2. Ajarkeun adab-adaban dahar, nginum, berpakaian
3. Ajarkeun kana aqidah nu lembut
4. Didik ulah sina nyiduh jeung nyingsring di masjid
5. Didik ulah nyiduh jeung nyingsring di hareupeun batur
6. Ajarkeun adab diuk
7. Ulah sina loba ngomong, loba bohong, loba sumpah
8. Ngajauhkeun perkara nu goreng ti budak
9. Jaga anak ulah sina bareng jeung nu goreng akhlaq. Singsieunan sahingga saperti sieun ku oray, maung,         jsb.

Catatan:

  • Ngadu'a ka Gusti diawali ku sholawat, tungtungan ku sholawat ameh ditarima amal ibadah urang.
  • Kudu ngajadikeun di awal jeung di akhir du'a ku sholawat. Sabab moal ditolak ku Gusti eta du'a.

ADAB NIKAH KANGGE ISTRI SARENG SUAMI - KITAB QURROTUL UYUN - USTADZ SAEPUL ULUM

Salaki ka anu janten istri kedah:
  1. Ngawuruk
  2. Mun teu bisa ngawuruk atawa mapatahan, lalaki kudu nitah ka batur. Lamun teu pernah ngalakukeun dua hal eta, maka mun istri dosa, salaki ge bakal kabawa dosa.
  • Dina bab nikah, dina kitab ihya ulumuddin diterangkeun: pang heulana nu cumantel kahiji lalaki dina poe kiamah nyaeta pamajikan jeung anakna
  • Malahan diterangkeun pang gedena dosa hiji jalma nyaeta lamun keluargana bodo kana masalah agama
  • Jalma nu tara nitah anak jeung pamajikan nu tara solat, engke di poe kiamah dikumpulkeun jeung jalma nu tara solat sanajan manehna sok solat
  • Du'a hiji imam (mun teu lepat) dina nalika istrina ngandung sabari ngusa-ngusap patuangan istrina: "Gusti, mun anak sareng istri abdi pimaslahateun, sing dipanjangkeun yuswana. Mun teu pimaslahateun maotan ayeuna." Eta saking ku sieun-sieunna ngalakonan tanggung jawab nu janten salaki
  • Wajib ka lalaki mapatahan kana hak-hak istrina

KH. ASMAUL HUSNA - 16 ROMADON

Dawuhan Rosul:
Pang afdolna amalan teh solat, pang alusna amalanteh solat. Sabab dina solat teh aya:

  1. Sujud. Pang deukeutna jalma ka Alloh teh keur sujud. Sabab begitu jalma solat, dosana ditunda dina luhur taktak jeung sirahna. Pas ruku jeung sujud dipuragkeun.
  2. Maca qur'an. Saharaf dina solat meunang sarebu kahadean. Lamun diluar solat heg boga wudhu, saharafna jadi lima puluh kahadean. Lamun diluar solat teu boga wudhu, saharafna jadi dua puluh lima kahadean.
Bedana beunghar jeung rizki:
- Rizkimah saban-saban anu katuang atawa kapake ku urang
- Beungharmah leuwihna ti Alloh, milik ti Alloh

Solat menta rizki:
Aya 2 roka'at
1. Fatihah, terus maca Al-Kautsar 3x, terus Al-Ikhlas 3x
2. Fatihah, terus maca Al-Falaq 3x, terus An-Nas 3x

Catatan:
  • Jalma nu khatam qur'an kurang ti tilu poe eta teu kaasup alus ari jang golongan bangsa urangmah.
  • Jalma anu ngamalkeun qur'an dicatet amalna saperti maca qur'an.

KEUTAMAAN BULAN RAMADHAN - KH. ABDUL WAHAB SYAHRONI - 17 ROMADON

Bulan Romadon kabagi 3:

1. Syahrul maghfiroh -> bulan diturunkeun panghampura ti Alloh
2. Syahrul rohmah -> bulan diturunkeun rohmat ti Alloh
3. Itkunminannaar -> dimerdekakeun tina seuneu naraka.

Catatan:
  • Moal sarua caang jeug poek. Moal sarua nu ngaos jeung nu teu ngaos.
  • Hebatna lailatul qodar nyaeta diturunkeun Al-qur'an, tauret, injil, jabur jeung leuwih sae tibatan sarebu bulan.

KETENTUAN JIMA - KITAB QURROTUL UYUN - USTADZ SAEPUL ULUM - 15 ROMADON

  • Make perkara anu niiskeun kana rahim etateh haram. Sabab ngaruksak. Contona ngadahar kadaharan anu bisa ngagugurkeun. Sabab 40 poe kahiji teh nggeus jadi cai mani, 40 poe kadua nggeus jadi darah kimpel, 40 poe katilu nggeus jadi daging. Dina 40 poe katilu eta, pas 4 bulan. Nyaeta ditiupna roh.
  • Hukumna ngagugurkeun samemeh 4 bulan eta mamnu' (bisa haram, bisa makruh). Lamun ngagugurkeun leuwih ti 4 bulanmah sarua jeung ngabunuh awak-awakan.
  • Make perkara anu ngaruksak kana cai mani teh haram

ANCAMAN UNTUK ISTRI DAN KETENTUAN MENIKAH - KITAB QURROTUL UYUN - USTADZ SAEPUL ULUM


  • Lamun istri calik paduduaan jeung lalaki lain mahramna, maka eta istri bakal dicicingkeun di sisi jahannam heg sagala ucapanna dijadikeun sarebu kagorengan
  • Saha istri anu sibuk milaraan salakina nepi ka ditalak, maka eta istri bakal meunang siksa Alloh
  • Saur Baedah bin Jarroh: Lamun istri ambek ka salaki bari salah manehna, moal ditarima eta amal ibadah si istri
  • Saha istri nu camerut hareupeun salakina, maka dina poe kiamah bakal datang dina kaayaan beungeutna hideung
  • Saur Abdulloh bin Mas'ud: Alloh bakal ngalaknat ka istri anu sok ngaengke-engke ka salakina
  • Lamun istri ningali salaki bari teu seuri seuri acan, moal ningali surga salawasna
  • Saur Bilal bin Hamamah: Mun istri solat jeung puasa sunnat bari teu aya izin salaki, maka hasil ganjaranna jang salaki.

BEBERAPA SUNNAT WUDU - KITAB MINHAJUL QOYYUM - USTADZ IWAN RIDWAN

Ari pirang-pirang pasunnatan wudhu nyaeta:

  1. Siwak
  2. Maca bismillaah bari dibarengan ku niat
  3. Ngucapkeun kana niat, sareng ngabarengan niat
  4. Lamun ninggalkeun jalma kana maca bismillaah diawal wudhu, maka kudu nyarios eta jalma saperti dina tuang. Bismillaahi fi awwalihi wa akhirihi

FARDU WUDHU - KITAB MINHAJUL QOYYUM - USTADZ IWAN RIDWAN - 4 ROMADON

Farduna wudhu aya 6:

  1. Niat ngilangkeun hadas atawa niat bebersih dina nalika ngumbah wajah. Anu beser kiih niatan kana meunangna fardu solat. Jeung lamun wudhu anu beser pikeun midamel sunnat, nganiatan nu bener kana meunang solat.
  2. Ngumbah wajah. Ari batasna wajah nyaeta perkara di antara jadi rambut sirah si jalma sareng belah harep gadona jalma. Sareng perkara antara cepil duana jalma tina sapalihna amis cau, halis, bulu panon, sareng godeg, sareng bulu kiang, sareng bulu dina kulitna. Sanajan antel bulu godeg jeung bulu janggot lamun ipis buluna, maka dikumbah dohirna sa'ru jeung jerona sa'ru. Lamun tebel bulu, maka dikumbah dohirna sa'ru jeung disunnatkeun nyela-nyela janggot anu tebel.

PASUNNATAN - KITAB MINHAJUL QOYYUM - USTADZ IWAN RIDWAN - 4 ROMADON

1. Pami disipat, alusna ganjil. Tilu dina katuhu, tilu dina kenca. Makena di katuhu heula.
2. Sunnat hukumna nyukur kumis
3. Nyiwak atawa nyusur
4. Di minyak seungit
5. Ngeureutan kuku.
    - Lamun tangan, kudu nu katuhu heula. Tina curuk mapay, terus jempol.
    - Lamun kaki, tina cinggir heula. Kudu nu katuhu heula.
6. Nyabutan bulu kelek. Lamun peureus bisa dicukur.
7. Bulu kempung teh sunnat dikerok kangge pamegetmah. Pami istri dicabut.
8. Pami janggotna panjang, sunnat disisiran.
9. Pami aya huisan sunnat diwarnaan ku warna beureum atawa koneng. Haram ku hideung.
10. Istri anu tos nikah sunnat kedah dipacar
11. Makruh nyukur sirah sawareh
12. Makruh nyabutan huis
13. Makruh nyabutan janggot
14. Makruh disendal sabeulah
15. Makruh make sapatu bari nangtung
16. Makruh make calana bari nangtung.

RIYA - USTADZ ASEP SAEPUL HUSNA - 15 ROMADON

  • Iblis gaduh 600 kebaikan untuk menghancurkan manusia
  • Tungtungna tobat nyaeta lamun sakicep poho ka Alloh, eta kudu ditobatan. Lamun urang nyebut istighfar, eta kudu ditobatan. Lamun urang ayeuna ngarasa betah kana kahadean tapi harita henteu, eta kudu ditobatan.
Riya:
- Lamun urang ninggalkeun kahadean sabab sieun disebut riya etateh kaasupna riya keneh.
- Lamun urang ngalakukeun kahadean ameh kapuji ku batur atawa katingali ku batur etateh riya.
- Lamun urang nyumput ngalakukeun kahadean sabab sieun kapuji atawa kapelong ku batur, eta lain riya.

ADUS - USTADZ SAEPUL ULUM - 5 ROMADON

  • Adus menurut lugot -> guslu -> Sayaalaamul maai 'ala syaiin -> Ngucurna cai kana hiji perkara. Lamu goslu mah hartina ngumbah.
  • Adus menurut istilah -> Sayaalaamul maa'i 'ala jami'il badani bi niyyati mahsusotin -> ngucurna cai kana sakabeh badan kalawan make niat anu nggeus ditangtukeun.
Menurut hukumna, adus aya 2:

1. Adus fardu. Anu ngawajibkeun kana adus fardu:
    Kangge istri sareng pameget:
    - Lebetna hasapah kana parji
    - Kaluarna cai mani
    - Maot.
    Kangge istri:
   - Haid
   - Nifas
   - Ngalahirkeun.

KITAB RIYADU SOLIHIN - KH. ABDUL WAHAB SYAHRONI

Aya 3 jalma anu asup ka surga keur perang make hiji panah:

1. Anu nyieun panah karena Alloh
2. Anu nenggorkeunna
3. Munbilah -> anu ngasong ngasongkeun panah.

Lamun apal kautamaanna tapi ninggalkeun kana papanahan, eta sarua jeung ninggalkeun nikmat nu luar biasa.

QS. Al-FATIH/AL-QITAL - TAFSIR JALALAIN - KH. ABDUL WAHAB SYAHRONI

Tugas Rosul :

1. Jadi saksi kangge ummatna dina poean kiamah
2. Mere kabar gembira ka ummatna nu daek ngaji
3. Mere peringatan.

Sabab Alloh ngutus Rosul:

1. Ameh jalma-jalma iman ka Alloh jeung Rosul
2. Nulungan ka Alloh jeung Rosul eta jalma-jalma (ngalaksanakeun kawajiban jeung sunnah)
3. Ngagungkeun ka Alloh jeung Rosul
4. Supaya tasbeh ka Alloh.

QS. AL-HUJUROT - TAFSIR JALALAIN - KH. ABDUL WAHAB SYAHRONI

  • Ngaguguyonkeun batur, manggil batur nu mikangewa nyaeta pasek ba'da iman.
  • Hafsoh nyebut budak yahudi ka Salamah. Kulantaran kitu turun ayat anu nerangkeun atawa marentah ulah ngahinakeun awewe ka awewe nu sejenna.
  • Kalakuan kitu teh kudu ditobatan. Mun teu tobat, kaasupna jalma dholim.

KEUNTUNGAN PUASA DAN SYARAT NGADU'A - USTADZ AR AR MUHAMMAD ANWAR - 4 ROMADON

Nikmat kangge jalma anu puasa:

1. Bakal dipasihan nikmat
2. Bakal ningali dzat Alloh.

Syarat ngadu'a:
1. Barang tuang anu halal
2. Kudu yakin diijabah
3. Ulah poho ka Alloh
4. Ulah ngadu'a kana pidorakaeun
5. Ulah ngadu'a kana anu mustahil.

AKHLAQ ROSUL - KH. AAM BADRUSSALAM - 3 ROMADON

1. Goslu rijlaeni bil maai assahidi 'indalkhuruji minal hamami 'amalun minal assuda' -> Ngumbah suku dua ku cai tiis pas kaluar ti hamam, bakal ngaleungitkeun kana panyakit suda' (lieur) -Mukhtarol Hadist-

Adab di WC:
- Kudu repeh
- Ngangge ciri
- Ulah dzikir, ulah ngucap salam
- Membasuh kaki pas bade ka luar.

TAFSIR JALALAIN - KH. ABDUL WAHAB SYAHRONI

    Aya dua do'a anu saeutik ditolakna ku Alloh. Bahkan bisa moal ditolak ku Alloh:

1. Do'a nalika adzan
2. Nalika perang keur ruket. (paantel daging tiap-tiap jalma)

KETENTUAN DALAM BERJIMA - KITAB QURROTUL UYUN - PAK RUHIYAT

Katentuan dina keur ngalaksanakeun jima: 
  1. Kudu ngajauhan jima bari nyangigir sabab bisa ngamadaratkeun kana bobokong.
  2. Naekna awewe kana beuteung lalaki, eta bakal ngawaris kana pirang-pirang luka dina parjina eta awewe.
  3. Teu meunang ngajima rojul ka mar'ah bari depa. Sabab bisa masakat kana imro'ah.
  4. Kudu bari nangkarak tur ngajungjungkeun dua sukuna mar'ah (pang alusna dina tingkah ngajima).
  5. Dilarang ngajima dina dubur mar'ah. Sabab Rosul ngadawuh: "Saha jalma anu ngagawean ka pamajikanna dina duburna, maka yakin kufur eta jalma kana agama anu nggeus ditangtukeun ieu perkara ka Nabi SAW."

4 HAL YANG LEBIH BURUK DARI 4 YANG BURUK - EUCEU HJ. SAROH

Aya 4 perkara anu goreng jeung 4 perkara nu leuwih goreng:

1. Nyieun dosa ti budak ngora eta goreng. Keur kolot leuwih goreng.
2. Katungkul ku dunya jalma anu bodo eta goreng. Nu ngarti leuwih goreng.
3. Ngedul dina to'at ka Alloh keur jelma anu biasa teh goreng. Keur anu ngarti leuwih goreng.
4. Anu beunghar takabur eta goreng. Anu fakir leuwih goreng.

Catatan:
  • Nyuprih elmu anu teu eureun eureun bari nyuprih dunya anu teu eureun eureun eta goreng.
  • Saha jalma nu solat 12 roka'at maka eta jalma nggeus ngalakonan kana hak solatna eta jalma.
  • 4 roka'at ba'da ashar -> bakal aya dina rohmat Alloh, diharamkeun jasadna kana naraka.
  • Lamun maca qur'an sapoe saratus ayat, eta saperti maca sa-qur'an.

KAUTAMAAN SURAH AD-DUKHAN - TAFSIR JALALAIN - KH. ABDUL WAHAB SYAHRONI

Kautamaan surah Ad-Dukhan lamun dibaca dina poe atawa malan Jum'at:

1. Bakal meunang panghampura ti Alloh dina manjing subuh
2. Ditikahkeun ka bidadari
3. Pangmentakeun panghampura ku tujuh puluh malaikat (HR. Abu Hurairoh)
4. Pang ngadegkeun imah di surga.

KITAB RIYADU SOLIHIN - KH. ABDUL WAHAB SYAHRONI

Pang hadena kahirupan jalma nyaeta lalaki anu pindah ka leuweung bari mawa domba atawa sapi jang ingon ingon terus sapopoena ibadah.

KITAB SAPINAH ANNAJAH - KH. DUDUNG ABDURRAHMAN

Diharamkeun migawe solat sunnat anu teu aya sababna. Sabab aya 2:

  1. Sabab mutaqoddim. Nyaeta sabab anu miheulaan samemeh ngalaksanakeun eta solat. Contona gaduh qodoaneun.
  2. Sabab muqoddim. Nyaeta anu babarengan. Contona solat mayit.
* Duduk iftirosh -> ngampar, duduk tahiyat awal
* Duduk tawaruq -> mencolok, duduk tahiyat akhir

AHMAD FAKHRUROZI



CARA MENGHAFAL AL-QUR'AN - USTADZ YUSUF MANSYUR

Cara menghafal Qur'an:

  1. Do'a dan niat
  2. Mengetahui fadilah dari membaca al-Qur'an. Karena mengetahui sesuatu akan membuat kita cinta padanya.
  3. Riyadoh/ritual

Membaca Qur'an dan menghafalnya bagaikan sedang membangun gunung emas. Sebab setiap hurufnya menjadi kebaikan, setiap hurufnya membawa rezeki.

KITAB RIYADU SOLIHIN - KH. ABDUL WAHAB SYAHRONI

Anu cicing dina agama Alloh ngan sapoe, eta leuwih alus tibatan dunya.


* Istirahat tina sabilillaah eta leuwih hade, leuwih berharga tibatan dunya jeung eusina.

TAFSIR JALALAIN - KH. ABDUL WAHAB SYAHRONI

Anu paling sesat teh nyaeta anu percaya yen Qur'an teh ti Alloh, tapi kufur kana eta Qur'an.

UMROH - KITAB RIYADU SOLIHIN - KH. ABDUL WAHAB SYAHRONI

  • "Saha jalma anu haji bari teu ngalakonan dosa jeung teu pasek, maka eta jalma saperti balik deui dilahirkeun ku indungna." (Muttafaqun 'Alaih). 
         Pasek: Teu ngalakukeun dosa gede, tapi anu leutik langgeng.
  • Umroh kahiji nepi ka umroh nu kadua eta jadi kifarat kana dosa antara umroh kahiji jeung nu kadua. Jeung teu aya deui babales pikeun haji mabrur iwalti surga. (Muttafaqun 'Alaih)
  • Ti Aisyah RA. nyarita: Ngucap kuring "Yaa Rosululloh! Nekadkeun kuring kana jihad anu pang utamana amal. Naha kudu jihad abdi?" Ngadawuh Rosul "Pang afdolna jihad teh nyaeta haji mabrur." (HR. Bukhori)
Pang afdolna amal nyaeta jihad, pang afdolna jihad nyaeta haji mabrur

Kautamaan Arofah: 1) Ari pang mulyana ibadah haji nyaeta dina poe Arofah. Ku anu teu hajimah kudu dipuasaan. 2) Teu aya poe Alloh ngamerdekakeun hamba-Na tina naraka, iwalti dina poe arofah. MATAK KUDU PUASA AROFAH HADENAMAH.
  • Saur kangjeung Nabi: "Umroh dina bulan romadon eta ngabandingan haji, atawa ngabandingan jeung munggah haji jeung Nabi SAW."

TAFSIR JALALAIN - KH. ABDUL WAHAB SYAHRONI

Fadol ti Alloh
1. Anu ngajadikeun bumi
2. Urang ditempatkeun/dicicingkeun di bumi
3. Ditangtayungan ku langit
4. Alloh anu ngadamel rupa urang, anu ngaluskeun rupa urang
5. Ngarizkian urang anu sareana

Ku ayana kitu urang kudu ibadah ka Alloh bari jeung ikhlas karana Alloh.

SUMBER HUKUM ISLAM - KITAB JAUHAR TAUHID - 30 APRIL 2013 - KH. DUDUNG ABDURRAHMAN

"Ma'luuman minaddini biddroruuroh" -> Geus dikanyahokeun ku ketentuan agama anu jelas. Sumber hukum islam:
1. Qur'an
2. Hadist/sunnah
3. Ijma' ulama
4. Kias

AMAL ANU PANG AFDOLNA - KITAB RIYADU SOLIHIN - KH. ABDUL WAHAB SYAHRONI

Aya hadist nerangkeun:
Ditaros Nabi SAW. "Naon amal anu pang afdol afdolna?" Nyarita kangjeung Rosul "Iman ka Alloh jeung Rosul." Tuluy ditaros deui Rosul. "Terus naon?" Ngajawab Rosul "jihad fi sabiilillaah." Ditaros deui Rosul. "Terus naon?" Ngajawab Rosul "Haji mabrur." (Muttafaqun 'Alaih)

1. Iman ka Alloh jeung ka Rosul
2. Jihad di jalan Alloh. Jihad anu pang hese hesena nyaeta merangan hawa nafsu
3. Mabrur nyaeta anu teu ngalakonan maksiat.
4. Maqbul nyaeta leuwih hade tibatan saacanna.

ISTRI NU KEDAH JANTEN CONTOH - USTADZ SAEPUL ULUM - 22 MEI 2013

Istri anu tiasa janten contoh salah sahijina nyaeta:

1. Siti Khodijah

  • Dina taqwa jeung to'atna
  • Sok sieun ku Alloh sehingga teu pernah berbuat maksiat ka Alloh. Teu pernah ninggalkeun kawajiban.
  • Pangsaena akhlaq anu utami. Ngagaduhan to'at anu utama kanu janten caroge.
  • Sabar kana sadaya kapayahan
  • Tiasa ngaringankeun kana beban caroge
  • Rumah tanggina 24 tahun sareng Rosul.

2. Fatimah Az Zahra

  • Dina solat nepi ka bareuh sampean
  • Seeur kanyaahna. Terutami ka jalmi miskin.
  • Sangat memperhatikan kana pendidikan putrana
  • Sangat ngagaduhan kaisin (sadidatalhayai). Anu pang saena kangge istri: Ulah sok ningali ka pameget jeung ulah sok hoyong ditingalikeun ku pameget. (Saur Rosul)
  • Muhklisotan lijaujiha (ikhlas ka anu janten caroge)
  • Sangat katungkul ku padamelan bumi.

PEMBUKAAN, SYARAT SUSUCI KU BATU - KITAB SAPINAH ANNAJAH - KH. DUDUNG ABDURRAHMAN

Aya 4 madzhab:
1. Imam Maliki -> Disusun ku Malik bin Annas
2. Imam Hanafi -> Disusun ku Abu Hanifah
3. Imam Safi'i -> Disusun ku Imam Muhammad bin Idris As-Safi'i
4. Imam Hambali -> Disusun ku Imam Ahmad ibnu Hambal

Anu disebat nikmat ageung teh ditingali tina penerimana. Nyaeta sakabeh makhluk.
Ar-Rohman -> sifat Alloh di dunya
Ar-Rohin -> sifat Alloh di akherat

Ari anu ngaranna alam nyaeta "kullamaa siwalloohu" -> Segala sesuatu anu ngalianan ka Alloh

IMAM ANU ADIL - KITAB JAUHAR TAUHID - KH. DUDUNG ABDURRAHMAN

Seorang imam dikatakan adil apabila:
1. Bertaqwa kepada Alloh SWT
2. Menghukumi sesuatu sesuai ketentuan syara'
3. Menyamakan penerapan hukum kepada semua pihak

KITAB QURROTUL UYUN - TEH NENENG SITI FATIMAH

Ulah ngawitan hiji perkara dina poe ieu:

1. Rebo akhir bulan (hijriyah)
2. Dina kaping 3, 5, 13, 15, 16, 21, 24, 25
- Ulah meser acuk enggal
- Ulah ngawitan ngajima
- Ulah melak tangkal
- Ulah ngagali sumur
- Ulah meser munding
- Ulah ngarencangan ka raja (menemui pemerintah)
3. Poe Sabtu. Margi Rosul ditaros. Dinten Sabtu mangrupakeun dinten tipuan/dendam. Dinten Sabtu teh diangge musyawarah kaum kafir quraisy kangge ngabunuh Rosul
4. Poe Salasa. Sabab disebut yaumuddamin (hari pertumpahan darah). Karena:

- Hawa ngawitan haid
- Ngawitan pembunuhan Hobil ka Habil
- Pembunuhan Nabi Jajjis
- Dimaotan Nabi Zakaria sareng Yahya
- Dibunuhna ahli sihir fir'aun kusabab iman ka Nabi Musa AS.
- Dimaotan Siti Asyiah (istri fir'aun)
- Dibunuh sapi bani isroil

Ieu hadist teh ti gudang elmu (Rosul). Ari lawangna elmu nyaeta Sayyidina Ali.
Catatan: Ulah nekadkeun eta dinten teh gaduh manfaat atawa madarat

KITAB JAUHAR TAUHID - KH. DUDUNG ABDURRAHMAN

    6 perkara anu kudu dijaga ku urang:

1. Ngajaga agama. Wajib ngajaga agama tina dua rupa:
- Tina perkara anu ngabatalkeun agama. Contona murtad boh tina patekadan, ucapan atawa pagawean
- Tina Perkara anu ngaruksak agama. Contona perbuatan maksiat

2. Ngajaga diri. "Walaa tulquu biaidiikum ilaa tahluk" -> Ulah ngajerumuskeun maraneh kana diri maraneh kana karuksakan
3. Ngajaga harta
4. Ngajaga turunan. Cara ngajaga turunan nyaeta:
- Ku hukum pernikahan
- Ku pendidikan anu hade
- Nikahkeun ka lalaki anu soleh atawa awewe anu solehah
5. Ngajaga akal
6. Ngajaga kahormatan (harga diri)

* Pendapat para ulama tentang ditarimana taubat anu diulang-ulang:
1. Ditarima. Sabab/syarat:
- Lamun teu kahaja migawe dosana
- Dina waktu tobat, memenuhi kana syarat taubat nasuha
2. Ditolak. Sabab mempermainkan dosa

KITAB MUKHTAROL HADIST - KH. AAM BADRUSSALAM

- Muktasibin -> kulantaran aya sabab
"Teu aya pertolongan anging ku sabar, teu aya kaluasan anging ku kasusah, teu aya kasulitan anging ku kamudahan"

Fadilah Qur'an jeung tilawah
"khoirokum man na'allamal qur'aan wa 'allamah" -> Ari pang alusna jalma nyaeta anu mempelajari alqur'an jeung ngamalkeun

KITAB NASHAIHUL IBAD - KANG USMAN

Aya 6 rupa anu bakal ditanyakeun di alam barzah:
1. Man Robbuka?
2. Man Nabiyyuka?
3. Wa maa imaamuka?
4. Wa maa kiblatuka?
5. Wa maa kitaabuka?
6. Wa maa ikhwaanuka?

Istri sahabat anu jago hadist nyaeta Siti Robiatul Adawiyah
4 perkara anu ditanyakeun ku Siti Robiatul Adawiyah:
1. Lamun maot, kabawa imanna moal?
2. Lamun ditanya ku malaikat kajawab moal?
3. Lamun ditimbang amal, bakal beurat hadena atawa gorengna?
4. Lamun nyukang di shirat, bakal salamet moal?

* Anu bakal ngabela didunya nyaeta amal jeung elmu

KITAB TA'LIM MUTA'ALIM - KANG USMAN

    Nu paling pokokteh nyaeta aya 2:
1. Ilmu
2. Taqwa

    Aya 3 kautamaan:
1. Jalan cinta
2. Jalan harapan
3. Jalan kasieun

    Taqwa nyaeta terdiri tina tilu huruf nyaeta, ت ق ,و :
ت -> Tarkul hawaa: ngajaga hawa
ق -> Qona'ah: qona'ah
و -> Wara': apik

KITAB NASHAIHUL IBAD - KANG USMAN

    3 perkara anu moal ditarima solatna:

1. Jalma weureu sahingga cageur deui
2. Istri anu bendu ka eta salakina
3. Abid anu kabur ti dunungan sahingga balik deui

* Ari oratna amat (awewe beulian) nyaeta jiga orat lalaki
* Saha jalma nu sok dahar barang riba', engke bakal dikumpulkeun saperti rupa anjing jeung babi
* Jual beuli teu ijab qabul eta kaasupna riba'

KITAB TA'LIM MUTA'ALIM - KANG USMAN

Gogoda nyuprih elmu:

1. Harta banda
2. Lalaki/awewe. Sabab biasana eureunna nyuprih elmu teh eta ku pernikahan.

KITAB NASHAIHUL IBAD - KANG USMAN

    Alloh bakal mere kahadean kana 8 kamulyaan ka jalma anu sok solat:

1. Alloh bakal mikaresep ka jalma jeung kulawargana nu sok solat. Do'a ameh disolehkeun:                  "Allohummaj'alnii 'awwadan solihan" -> Ya Alloh jadikeun abdi jalma anu soleh
2. Badanna bakal sehat
3. Malaikat ngajaga ka eta jalma, tina pirang-pirang balaih
4. Bakal turun barokah (tambah-tambah hade)
5. Bakal dohir rarayna (salah sahiji ciri jalma anu soleh). Sabab ceuk katerangan: "Addohiru mir'atul batiin"       dohirmah enteungna batin
6. Bakal ngaleuleuskeun Alloh kana hatena (nampa kana papatah)
7. Bakal ngaliwat kana cukang sirotol mustaqim saperti kilat
8. Bakal nyalametkeun Alloh tina naraka jahannam

KANG USMAN

    Aya dua anu pang hadena:
1. Iman ka Alloh jeung Rosul Alloh
2. Mere kamanfaatan ka jalma islam

    Golongan jalma pas didatangkeun dina al-Qur'an eta aya 3 golongan:
1. Dzalimun linafsih: anu ngadoliman diri sendiri
2. Muqtasidun: pertengahan
3. Saabiqun bil khairat: anu teu ngaheulakeun urusan dunya

Adil nyaeta wa'du syaiin fi mahalih
Kahirupan nyaeta tentang sandang, pakan, jeung pangan
Kahuripan nyaeta tentang kasehatan

    Obat hate:
1. Maca qur'an
2. Eling ka Alloh
3. Ngabiasakeun puasa sunnat
4. Hudang peuting jang ibadah
5. Ngariung dina majlis ta'lim

KANG USMAN

Ari talina elmu eta aya 3. Nyaeta elmu, amal, jeung akal.
Hukum syara' aya 7:
1. Wajib
2. Sunnat
3. Haram
4. Makruh
5. Wenang
6. Sah (jadi)
7. Batal (teu jadi)

Syara' nyaeta aturan gusti Alloh pikeun jalma anu boga akal sampurna, pikeun kahadean di dunya jeung di akherat. (aturan Alloh pikeun jalma nu boga akal sampurna nu hoyong bagja dunya jeung akherat)
1. Wajib aya 2:
- Ain: contohna ngaji ilmu agama
- Kifayah: contohna ngamandikeun mayit
2. Sunnat aya 2:
- Haeat: contohna maca tasbeh, maca ruku
- Ab'ad: contohna qunut, tahiyatul awwal
3. Haram aya 2:
- Dzat jeung hukumna: contohna anjing jeung babi
- Hukumna: contohna barang halal meunang maling
4. Wenang: nyaeta dilakonan teu diganjar, teu dilakonan teu disiksa. Contohna dahar

KANG USMAN

Rukun puasa aya 3:
1. Niat
2. Nangtukeun isuk puasa
3. Ninggalkeun paharaman puasa

Ari ngaranna puasa nyaeta sahrun 'adimun -> sasih anu agung. Sedengkeun ari saum nyaeta tina kecap soma, hartina ngaraksa. Sabab dina bulan Ramadhan aya:
1. Turun qur'an tanggal 17 Ramadhan
2. Aya peutingan laelatul qodar (malam seribu bulan)

Anu paling dasar dina islam nyaeta syahadat, sholat, jeung puasa. Rosul ngadawuhkeun: "Geus mardukeun kami ka aranjeun tibeurang puasa, nangtukeun keur peuting pasunatan taraweh."

Anu matak batal puasa batin aya 5:
1. Ngabohong
2. Sumpang bohong
3. Ngupat
4. Namimah
5. Hasud
Puasanamah jadi, ngan euweuh ganjaranna.

KANG USMAN

Dua nikmat anu pang gedena:
1. Nikmat iman jeung islam
2. Kasehatan


Syukur teh aya 4:
1. Ku lisan
2. Ku harta
3. Ku hate
4. Ku anggahota


Hikmah aya 3:
1. Faham
2. Elmu
3. Taopek


Hidayah aya 4:
1. Hidayah howas: nyaeta anu datangna ti budak
2. Hidayah akli: nyaeta anu datangna ti budak leutik
3. Hidayah diin: nyaeta ngarti
4. Hidayah taopek: contohna ngalaksanakeun solat


Sabar nu bisa diusahakeun aya 2:
1. Sabar ngalakonan parentah Alloh. Contohna solat
2. Sabar kana perkara nu dicegah ku Alloh


Sabar nu teu bisa diusahakeun:
- Sabar kana ngahasilkeun perkara anu tepung. Nyatana hukum Alloh. Contohna solat hayang meunang rido Alloh.